Dina kahirupan sapopoé diperlukeun tatakrama. Ari tatakrama boga fungsi personal, sosial, kultural, edukasional. Kajaba ti éta tatakrama ogé boga fungsi integratif jeung instrumental.
(1) Fungsi personal, nyaéta pikeun nuduhkeun ajén-inajén pribadi;
(2) Fungsi sosial, nyaéta pikeun nuduhkeun kaluwésan dina hirup kumbuh;
(3) Fungsi kultural, nyaéta pikeun nuduhkeun kaluhungan budi;
(4) Fungsi édukasional, nyaéta pikeun ngabédakeun nyakola jeung teu nyakola;
(5) Fungsi integratif, nyaéta pikeun nuduhkeun kalungguhan kumaha patula-patalina dina sistem kamasarakatan;
(6) Fungsi instrumental, nyaéta pikeun nuduhkeun ngahontalna hiji tujuan, jeneng henteu jeneng.
Paroman jeung sikep awak dina waktu nyarita mangrupa rengkuh. Ari Tatakrama anu patali jeung basa nyaéta ku cara ngagunakeun basa lemes atawa basa sopan. Lumbrahna tatakrama dina hirup kumbuh sapopoé antara makéna basa lemes jeung rengkuh téh ngahiji, teu dipisah-pisah. Paripolah anu dibarengan ku tatakrama anu hadé tinangtu bakal loba anu resep, simpati, hormat jeung santun.
Salasahiji faktor anu bisa ngagambarkeun paripolah hadé dina gaul sapopoe nyaéta cara unggeuk atawa gigideug. Gigideug atawa cara unggeuk kaasup kana Tatakrama anu patali jeung dangdanan. Hal séjénna nu patali jeung dangdanan nya éta (a) cara milih jeung maké baju; (b) karesikan awak; (c) cara diuk; (d) cara leumpang; (e) cara dahar; jeung (f) cara séjénna anu bisa numuwuhkeun batur bisa kataji, resep,jeung ajrih
Dina diri siswa, tatakrama téh jadi ciri étika. Siswa anu boga tatakrama anu hadé tangtu bakal dipikaresep boh ku babaturanana boh ku guruna. Saéstuna udagan pangajaran anu utama téh nya éta taya lian siswa boga tatakrama jeung étika anu hadé. Lain ngan ukur ngutamakeun kaweruh wungkul.
Siswa anu ngahargaan batur téh nanadakeun sopan. Salah sahiji aspék pananda yén siswa boga sikep sopan nya éta bisa ngajénan batur. Siswa anu geus bisa ngajénan batur bisa dicindikkeun yén manéhna geus surti kana naon anu jadi hak jeung kawajibanana.
Rupa-rupa tatakrama, nyaéta tatakrama basa, tatakrama paripolah, tatakrama gaul jeung tatakrama hirup kumbuh di masarakat. Nu kahiji, tatakrama basa atawa undak usuk basa patali jeung ragam basa anu dipaké, saha nu nyarita, saha nu diajak nyarita, ngeunaan naon nu dicaritakeun, di mana jeung iraha nyaritana, naon tujuanana jeung kumaha kayaanana. Tatakrama basa anu popilér nyoko kana basa lemes (hormat) jeung basa kasar (loma), aya hormat keur diri sorangan aya hormat keur ka batur.
Nu kadua, tatakrama paripolah. Aya sababaraha faktor anu bisa mangaruhan kana paripolah gaul sapopoé, nyaéta (1) sikep nyarita anu basajan; (2) beungeut anu marahmay; (3) tata cara gaul; (4) tata cara ngagunakeun pakéan; (5) pangawéruh anu jembar
Katilu, gaul dina hirup kumbuh sapopoé, nuduhkeun yén manusa téh mangrupa mahluk sosial, teu bisa hirup nyorangan, butuh batur cacarita, butuh batur ngobrol géusan nembrakkeun eusining haté jeung pikiran. Dina emprona urang gaul di masarakat, urang kudu nyaho kana (1) keur di mana urang téh; (2) kumaha kaayaan sabudeureun urang; jeung (3) saha nu rék disanghareupan téh.
Kaopat, kudu bisa hirup kumbuh babarengan di tengah pagaliwotana masarakat anu lain waé urang Sunda, tapi aya séké sélér lianna, kayaning: séké sélér Jawa, séké sélér Batak, séké sélér Batawi, séké sélér Makasar, jrrd.
Runtuyan anu mangrupa ébréhan tatakrama gaul urang Sunda di masarakat, nyaéta (1) kudu merhatikeun batur, (2) kudu ngawohkeun diri, jeung (3) kudu nyarita ku basa hormat
Prak-prakanana “pendidikan berbasis kearifan lokal” dina sagala widang, kayaning: kasėhatan, bėla diri, pertanian, kasenian, basa, disebut étnopedagogik. Kasang tukang ėntopėdagogik masarakat Sunda tangtu aya patalina jeung kamampuh parasiwa dina nyangking basa Sunda, lantaran maranéhna aya dina éta pakumbuhan.
Sistem organisasi sosial masarakat Sunda dipasing-pasing dumasar kana umur, wanda jinis jeung pancakaki. Anu raket patalina jeung poténsi siswa nyaeta umur. Dina kahirupan masarakat urang Sunda, masarakat téh dipasing-asing jadi génep kelompok nurutkeun umurna, nyaéta: (a) nu disebut orok, umur 0 – 12 bulan; (b) budak, umur 1 – 15 taun; (c) bujang atawa jajaka (pikeun lalaki), lanjang, mojang atawa parawan (awéwé), umur 16 – 25 taun; (d) sawawa (déwasa), 25 – 40 taun; (e) tengah tuwuh (madya), umur 41 – 50 taun; jeung (f) kolot (tua) nu umurna 51 taun ka luhur. Husus keur sebutan sawawa, nu umur 17 taun gé bisa disebut sawawa, asal géus nikah (Sudaryat, 2014, kaca 16). Umur murid SMA aya dina kelompok mojang/jajaka.
Poténsi siswa bisa dimekarkeun di lingkungan anu pangawalna, nyaéta kulawarga. Kamampuh awal siswa téh kapanggih di lingkungan kulawarga jeung sabudeureun imahna. Éta kamampuh awal téh bakal jadi tatapakan jeung bekel hirup ka hareupna. Lamun budak digedékeun dina lingkungan daérah, alusna dibarengan ku kaarifan lokal. Kaarifan lokal Sunda réa nu ngandung ajén étnopédagogik jeung atikan karakter.
Salasahiji ajén inajén budaya minangka titincakan hiji lingkungan pikeun mekarkeun kamampuh awal siswa nyaéta sikep, tangtungan, jeungayana paripolah. Pikeun mekarkeun kamampuh awal siswa diperlukeun ajén inajen budayaminangka titincakan hiji lingkungan nyaéta sikep, tangtungan, jeung ayana paripolah balukar tina slogan.
Modél pangajaran anu bisa ngamotivasi jeung numuwuhkeun kaarancagéan jeung kamampuh awal siswa salila lumangsung prosés kagiatan diajar ngajar ku cara milih, nangtukeun jeung ngadumaniskeun métodeu anu mampuh numuwuhkeun kréativitas siswa disebutna Modél Pangajaran Kréatif.
Modél pangajaran partisipatif téh nyaéta modél pangajaran anu ngalibetkeun siswa sagemblengna (optimal) dina lumangsung kagiatan diajar-ngajar. Tegésna, siswa anu miboga peran dina prosés diajar ngajar téh, lain guru (child centre/student centre). Kagiatan diajar- ngajar téh bakal miboga ajén-inajén nalika dina prosés sagemblengna dipasrahkeun ka parasiswa sangkan maranéhna daék aub icikibung (partisipasi) dina sagala widang kagiatan diajar-ngajar.
Modél pangajaran éféktif téh meredih sangkan siswa sakabéhna aktif dina kagiatan diajar ngajar, lantaran maranéhna anu jadi puseur kagiatan anu engkéna bakal ngawujudkeun kaparigelan (kompéténsi).
Modél pangajaran anu numuwuhkeun aktivitas siswa dina prosés kagiatan diajar ngajar ku cara milih jeung nangtukeun metode kaasup kana Modél Pangajaran aktif. Dina modél pangajaran aktif guru téh ukur boga kalungguhan anu sarua nyaéta salaku médiator jeung fasilitator (to facilitate of learning) baé. Dina modél ieu siswa sakabéhna kudu aktif ngalaksanakeun kagiatan diajar, guru mah cukup méré arahan jeung bimbingan baé.
Kalungguhan bahan ajar pikeun guru dina ngamekarkeun kamampuh awal siswa, nyaéta (1) ngaronjatkeun kamahéran diajar siswa, (2) palanggeran dina ngalaksanakeun évaluasi, jeung (3) palanggeran ngalaksanakeun prosés pangajaran. Kajaba ti éta ku ayana bahan ajar téh bisa mantuan guru dina ngarobah kalungguhan guru nu kuduna ngajar jadi fasilitator dina kagiatan diajar ngajarna.
Ari kalungguhan pikeun murid nyaéta (a) murid bisa diajar sajan euwéuh guru; (b) murid bisa diajar iraha waé; (c) murid bisa diajar luyu jeung kadaék jeung kaparigelanana séwang-séwangan; (d) jadi palanggeran dina kagiatan diajarna pikeun ngaronjatkeun kompeténsi dirina.
Dumasar kana diménsi lingkungan aya dua hal anu bisa mangaruhan
kana prestasi siswa, nyaéta organisasi kelas jeung iklim sosio-psikologis. Anu dimaksud ku iklim sosial-psikologis
nyaéta patula-patalina hubungan antara jalma anu kalibet langsung jeung parosés
kagiatan diajar ngajar. Ari anu patali jeung organisasi kelas nyaéta jumlah
siswa nu aya di jero kelas bakal gédé pangaruhna kana lumangsungna prosés
kagiatan diajar ngajar. Lamun eusi kelasna loba teuing, lumangsungna prosés
kagiatan diajar ngajar moal éféktif lantaran moal kagéroh ku guruna. Jaba ti
kitu, hawa di jero kelas ogé tangtu bakal karasa nyongkab, panas.
Unsur-unsur anu bisa mangaruhan kana prestasi siswa, nyaéta (1)
pupil formative experience, (2) pupil
properties, jeung (3) pupil formative experience.
Pupil formative experience nyaéta
kasang tukang kahirupan siswa. Hal-hal anu patali jeung pupil formative experience
nyaéta (1) tempat kalahiran, (2) panganjrékan, (3) kaayaan ekonomi, (4) kaayaan
jeung kalungguhan kulawargan.
Pupil properties nyaéta sifat atawa karakter nu dipilik ku dirina, kayaning:
kamampuh dasar, pangawéruh jeung sikep. Ari anu patali jeung sifat atawa karakter
siswa kayaning: kamampuh dasar, pangawéruh jeung sikep
Kamekaran kabeungharan basa budak ti sataun nepi ka 3
taun téh teu sarua. Dina umur 12 – 18 bulan, budak geus bisa seuri, bisa nyombo nu jadi
indung ku paripolah nu pikalucueun. Manéhna geus ngalakukeun komunikasi jeung
nujadi indung boh ku basa verbal atawa ku basa non verbal. Dina umur sakitu
kabeungharan kecap nu dipibandana ngahontal 5 – 20 kecap. Biasana dina umur
sakitu téh buda geus bisa matalikeun kaayaan lingkungan dirina, mimiti nengetan
sabab akibat. Ngahontal umur 2 taun, kabeungharan kecap nu dipibanda ku budak
bisa ngahontal 150 – 300 kecap jeung bisa nyambungkeun 3 – 4 kecap. Dina umur
sakitu, budak geus bisa ngajawab “enya” atawa “henteu” dina konteks anu bener.
Ungkara kalimahna basajan, kalimah nu sakecap atawa dua kecap, sarta geus bisa
maké kecap gaganti ngaran.
Kamekaran kabeungharan basa budak anu umurna 3 (tilu) taun nyaéta
kurang leuwih 900 kecap. Dina umur sakieu gé budak
bisa ngajawab
patalekan “saha”, “naha”, jeung “kumaha”. Jaba ti éta, dina umur sakitu budak
geus bisa nanyakeun ku kalimah basajan.
Modél pangajaran anu nyugemakéun (joyfull instruction) mangrupa
prosés kagiatan diajar ngajar anu mampu ngaronjatkeun prestasi siswa anu di jerona
aya kohesi anu kuat antara guru jeung siswa, éstuning katémbong ayana rasa
silih asih, silih asuh jeung silih asah.
Guru merenahkeun manéh salaku “mitra” diajar, malahan dina
sababaraha hal mah henteu mustahil guru diajar ti parasiswana. Lebah dieu
mémang sakuduna nyiptakeun suasana anu démokratis, taya bangbaluh nanaon, boh
guru boh parasiswa sarua babarengan papada diajar.
Nguji kamampuh peserta didik saacan kagiatan diajar ngajar
lumangsung disebut tesawal. Tés awal dilakukeun
saméméh kagiatan diajar lumangsung kalawan tujuan pikeun mikanyaho kamampuh
awal siswa.
Pangajaran téh bisa disebutkeun éféktif anu
mampu ngebrehkeun potensi jeung
kreativitas siswa, anu cirina mampuh
mekelan pangalaman anyar ka parasiswa jeung ngamalirkeun poténsina sarta
ngabuktikeun yén sakabéh bahan pangajaran geus katepikeun sagemblengna
(optimal)
Prosedur ngalaksanakeun pangajaran éféktif
pikeun mekarkeun kreativitas siswa nyaéta (1) Ngalaksanakeun supervisi kelas
anu udaganana ngumpulkeun fakta hasil diajar parasiswa anu tujuana na pikeun
ngomėan program pangajaran, jeung (2)
Ngayakeun appersépsi ku cara matalikeun pangajaran anu geus diajarkeun ka siswa
jeung pangajaran anu baris diajarkeun.
Prosedur saterna nya éta (3) ngalampahkeun
éksplorasi, nyaéta ngawanohkeun matéri poko jeung kompéténsi dasar anu baris
dihontal ku cara ngagunakeun variasi metode; (4) ngayakeun konsolidsdi
pangajaran nyaéta ngaaktifkeun parasiswa enggoning ngawujudkeun kaparigelan
(kompéténsi) anu aya patalina jeung kahirupan sapopoé; (5) ngalaksanakeun
évaluasi ku cara ngumpulkeun fakta jeung data sarta dokumen hasil diajar
parasiswa anu tujuanana pikeun ngoméan program pangajaran ka hareup.
Pikeun ngalaksanakeun pangajaran éféktif, guru
kudu maliré kana hal-hal nu ditataan ieu, nyaéta: (1) matéahkeun tempat diajar;
(2) matéahkeun siswa; (3) matéahkeun kagiatan diajar ngajar; (4) matéahkeun
eusi pedaran materi; jeung (5) matéahkeun média jeung sumber pangajaran.
Tingkat kamekaran siswa SMA téh ngawengku
tingkat kognitif, tingkat afektif, tingkat psikomotor.Kamekaran aspék kognitif siswa SMA aya dina
umur 15 – 18 taun kaasup kana mangsa robahna karakter ti budak ka rumaja. Luyu
jeung tiori kamekaran, mangsa rumaja mangrupa mangsa anu pinuh ku
parobahan-parobahan nu kawilang téréh kahontalna boh dina kognitif boh emosi
katut sosialna (Fagan: 2006)
Kamekaran aspék psikomotor kaasup
aspék anu kawilang penting dina pangajaran basa jeung sastra Sunda. Ku kituna,
guru kudu wanoh kana aspék psikomotor siswa SMA, anu ngawengku tilu tahap, nyaéta
tahap kognitif, tahap asosiatif, jeung tahap otonomi.
Dina kamekaran aspék afektif Bloom dina Brown (2000) ngabagi ranah aféktif
jadi lima tataran, nyaéta (1) sadar kana situasi, fénoména, masarakat, jeung
obyék sabudeureun; (2) tanggap atawa résponsif kana sakur rangsangan anu aya di
sabudeureun maranéhna; (3) bisa meunteun atawa ngajén hadé goréngna hiji
perkara; (4) geus bisa ngaorganisasikeun ajén-inajén ngeunaan hiji sistim, tur
bisa nangtukeun patalina di antara ajén-inajén anu nyampak; jeung (5) geus
mimiti boga karakteristik tur wanoh kana karakteristikna dina wangun
ajén-inajén.
Runtuyan prosédur ngalaksanakeun pangajaran
éféktif anu tujuannana pikeun ngaronjatkeun kaparigelan siswa, nyaéta (1)
ngayakeun éksplorasi, (2) ngayakeun konsolidasi, jeung (3) ngayakeun apersépsi
Pikeun ngaronjatkeun préstasi jeung
kréativitas (karancagéan) siswa dina diajar basa Sunda téh bisa dilaksanakeun
ku cara ngalarapkeun PAKEM. Konsép PAKEM atawa PAIKEM téh nyaéta guru ngabantu tur ngarojong ku
mangrupa mere motivasi jeung nyadiakeun sarana anu diperlukeun ku parasiswa.
Dina prakna ngalaksanakan kagiatan diajar ngajar anu ngagunakeun
pamarékan PAKEM/PAIKEM, aya sababara hal anu kudu dipikanyaho, diantarana kudu
nyangkem pasipatan jeung karakter parasiswa. Kajaba ti éta gé guru kudu wanoh pisan ka hiji-hijina siswa; Kudu bisa
ngamangpaatkeun karakter jeung paripolah siswa pikeun kapentingan kagiatan
diajar ngajar; Numuwuhkeun cara mikir kritis, kréatif jeung kamampuh
ngokolakeun masalah; Ngarékayasa rohangan kelas, salin jinis dirobah jadi
lingkungan diajar ngajar anu pikaresepeun jeung pikabétaheun; 6) Méré
pangdeudeul minangka uji balik jeung lajuning laku pikeun ngaronjatkeun
kagiatan diajar ngajar. (Sudarjat, 2009)
Model pangajaran efektif nyaeta mekelan
pangalaman anyar ka parasiswa jeung ngawujudkeun hiji kaparigelan (kompeténsi).Pangajaran téh bisa
disebutkeun éféktif anu mampu ngebrehkeun potensi jeung kreativitas siswa, anu
cirina mampuh mekelan pangalaman anyar
ka parasiswa jeung ngamalirkeun poténsina sarta ngabuktikeun yén sakabéh bahan
pangajaran geus katepikeun sagemblengna (optimal).
Hal-hal anu kudu dilaksanakeun sangkan siswa bisa parigél nyarita
nyaeta ngadéngékeun batur nu cacarita ku
basa Sunda nu hadé jeung merenah, miboga
sikep kritis dina waktu maca atawa ngaregépkeun, jeung biasakeun nyarita anu
henteu rusuh teuing, rada antaré.
Nguji
kamampuh peserta didik sanggeus kagiatan diajar ngajar lumangsung disebut tés ahir. Tés
ahir dilaksanakeun pikeun ngukur kumaha hasil pangajaran nu geus dilaksanakeun.
Leuwih jauhna deui kuayana tés ahir téh bisa nangtukeun cocok henteuna model,
metodeu jeung media pangajaran. Sanggeus ngalaksanakeun tés ahir, siswa bisa
kagolong jadi dua, nya éta anu tuntas jeung nu tacan tuntas. Pikeun siswa anu
tacan nyumponan katuntasan diajar mangka kudu ngalaksanakeun program remedial.
Ari siswa nu geus tuntas mah kari milu program pengayaan.
Aya tujuh hakekat basa, salasahiji di antarana nyaeta basa mangrupa
simbul (sasmita).Ari hakékat basa téh, ceuk Sudaryat
(1991:3-5), nyaéta (1) basa téh sistem; (2) basa téh arbitrér; (3) basa téh
simbul (sasmita); (4) basa téh produktif; (5) basa téh universal: (6) basa téh
mandiri (unik); (7) basa téh komunikatif; (8) basa téh mijalma; jeung (9) basa
téh kultur (budaya).
Salasahiji hakekat basa
nyaeta, basa teh arbitrer/ manasuka.
Maksud basa arbitrér nyaeta patalina lambang sora jeung objékna euweuh
hubungan logis.Contona: kecap imah dina basa
Sunda anu hartina wawangun tempat pamatuhan, tempat betah bumétah; dina basa
séjén mah diucapkeunana umah (Jawa); rumah (Melayu/Indonesia), baitun (Arab), haus (Jerman), house (Inggris).
Salasahiji ciri internal basa nyaéta basa téh mandiri. Maksud
mandiri di dieu ngandung harti inkoaktif.saperti jung nangtung, gék diuk, léos indit,
jst. Ieu kecap téh teu biasditarjamahkeun
kana basa naon
waé (basa Indonésia
upamana). Cicingnakecap anteuran
aya di hareupeun jejer jeung caritaan pagawéan sarta mandiringawakilan kecap
pagawéan caritaan.
Salah sahiji ciri hakekat basa nya éta basa téh
arbitrer, hartina basa téh universal, jeung basa téh kontekstual.Panga basa disebut universal nyaéta lantaran
basa téh mibanda ciri-ciri umum anu dipiboga unggal basa, kayaning: yén basa
téh dihasilkeun tina alat ucap manusa, unggal basa miboga wangun jeung eusi,
unggal basa bisa robah ti waktu ka waktu, unggal basa miboga fungsi anu tangtu
di komunitas para panyaturna.
Basa téh mangrupa sistem kognitif anu diatur
ku rumus-rumus unik tur bisa dimanipulasi ku panyaturna sangkan bisa
ngahasilkeun mangpirang- pirang omongan anu jumlahna tan wates wangén. Hal
sarupa kitu nuduhkeun yén basa téh
produktif.
Dumasar kana karakteristik lahiriahna, basa téh
miboga ciri-ciri, di antarana waé, (1) idéntitas fisik jeung kontėkstual, (2)
idéntitas psikologis, (3) idéntitas géografis, (4) idéntitas étnik, (5)
idéntitas sosiologis jeung (6) Idéntitas kontékstual.
(1) Idéntitas fisik
Identitas
fisik anu mangaruhan wujudiah basa nyaéta (a) tipe fisik; (b) kondisi fisik;
(c) umur; (d) ucapan; jeung (e) jenis kelamin anu makéna.
(2) Idéntitas psikologis
Tina
jihat psikologis, basa téh raket patalina jeung intélégénsi katut kapribadian (personality).
(3) Idéntitas géografis
Unggal basa bakal dipangaruhan ku lokasi dipakéna basa.
basa nu dipaké di hiji wewengkon disebut basa wewengkon, dialék local, dialék
regional, atawaregiolék.
(4) Idéntitas étnik
Basa téh bisa dipikawanoh ku kelompok jalma, sélér
bangsa, atawa bangsa anu makéna. Tina jihat étnik, aya nu disebut basa daérah,
basa nasional, jeung basa asing. Éta kalungguhan basa téh masing-masing mibanda
fungsi séwang-séwangan.
(5) Idéntitas sosiologis
Kahirupan hiji basa dipangaruhan ku lingkungan sosial anu makéna saperti
stratifikasi sosial, peran jeung status sosial, kaakraban/deuheus henteuna (solidarity),
jeung ragam sosial.
(6) Idéntitas kontékstual
Wujudiah basa bisa gumantung kana kontéks situasi dipakéna. Hubungan antara
basa jeung kontéks situasi makéna diulik ku pragmatik.
Basa téh miboga sifat
ngabudaya (cultural) lantaran salian ti basa mangrupa unsur budaya ogé jadi
alat pikeun ngagedékeun jeung ngamekarkeun budaya, hartina tanpa basa, budaya
moal bisa mekar, lantaran basa anu miboga peran penting dina budaya.
Ciri has basa Sunda nyaéta
(1) basa wewengkonjeung basa dialék, (2) ayana kecap kiasan jeung ayana rakitan
lantip, jeung (3) ayana babasan jeung paribasa.
Pangna disebutkeun hiji
sistem, basa téh mibanda sifat sistėmatis tur sistemik. Nu dimaksud sistematis
jeung sistemik téh lantaran basa téh ngandung
unsur-unsur anu puguh éntép seureuhna; ari disebut sistemik, lantaran
basa téh mibanda aturan anu disaluyuan ku panyaturna sartabisa diropėa.
Anu kaasup kana
karakteristik lahiriah basa, nyaéta (1) idéntitas fisik, (2) idéntitas
psikologis, jeung (3) idéntitas étnik.Identitas
fisik anu mangaruhan wujudiah basa nyaéta (a) tipe fisik; (b) kondisi fisik;
(c) umur; (d) ucapan; jeung (e) jenis kelamin anu makéna. Tina jihat
psikologis, basa téh raket patalina jeung intélégénsi katut kapribadian (personality).
Tina jihat étnik basa téh bisa
dipikawanoh ku kelompok jalma, sélér bangsa, atawa bangsa anu makéna. Tina
jihat étnik, aya nu disebut basa daérah, basa nasional, jeung basa asing. Éta
kalungguhan basa téh masing-masing mibanda fungsi séwang-séwangan.
Ieu di handap conto kalimah anu kaasup kana
idéntitas stilistik. “Ari manéh jeung dulur téh kawas anjing jeung ucing.”Stilistika mangrupa élmu anu maluruh patalina basa jeung karya
sastra, kumaha gaya makéna basa dina karya sastra. Basa hiji jalma, sélér
bangsa, atawa bangsa téh bisa kapaluruh tina gaya basa anu dipakéna.
Basa téh mangrupa gunggungan
wangun anu ngawujud sora jeung eusi minangka Lexical information, nyaéta wawaran anu diébréhkeun dina kandaga
kecap.Ari eusi basa raket pisan patalina jeung wangun basa. Eusi (harti,
konsép) mangrupa hubungan antara lambang (wangun, form) jeung obyék nu
dimaksudna (acuan, réferen).
Ciri has basa Sunda téh mangrupa kaunikan atawa kahasan anu
dipibanda ku basa Sunda. Sudaryat (2016) nétélakeun yén kaunikan basa Sunda téh
aya dina tataran sora, tataran kecap, tataran kalimah, jeung tataran kandaga
kecap.Ciri has basa Sunda nyaeta ayana rinéka
sastra
Ciri
basa budak nyaéta (1) ungkara kalimahna basajan tur parondok diwangun ku
sakecap dua kecap, (2) ngawangun kecap anyar ku cara ngarobah atawa dicokot
sabagian, jeung (3) kecap-kecap nu dipilih kecap-kecap nu dimimitian ku aksarabilabial/oral-dental, labio-dental (/p/, /t/)jeung stop-frikatif (/p/, /f/) conto: mamam,
pipis, popo (bobo,), obo, jst. (4) Salila dina jero prosés
mibanda basa, omongan budak téh miboga struktur sorangan. Sok sanajan kitu,
tetep bakal nyaruaan sistematis kolotna.
Ciri has utama basa Sunda ayana kecap
anteuran.kecap anteuran, nyaéta kecap pancén anu gunananganteurkeun paripolah kecap
pagawéan atawa kaayaan kecap sipat kalwan ngandung harti aspék inkoatif, nyaéta
pagawéan mimiti pisan dipilampah. Ieu kekecapan téh hésé ditarjamahkeun kana
basa Indonésia jeung basa séjénna.
Hal-hal anu nyababkeun
komunikasi antar personal henteu jalan nyaéta (1) nu ngajak nyaritana hadé, (2) nu diajak
nyarita leuwih fokus ka urang, jeung (3) euweuh nu diajak nyarit.
Performansi
linguistik budak mimiti bisa ngagunakeun kecap gaganti nalika umur 1,8
taun.tahapan prosés diajar basa katut performasi linguistik téh leuwih jéntréna
deui bisa ditingali tina tabek ieu di handap.
No
|
Umur (taun)
|
Performasi Linguistik
|
1
|
0,3
|
Diajar
kunyam-kunyem
|
2
|
0,9
|
Pola
intonasi geus mimiti kanengé
|
3
|
1,0
|
Kalimah
nu sakecap (holofrasis)
|
4
|
1,3
|
Ngucapkeun
kecap (lexicalovergéneralization)
|
5
|
1,8
|
Omongan
jeung kecap
|
6
|
2,0
|
Kalimah
nu tilu kecap, infleksi (telegrafis)
|
7
|
2,3
|
Mimiti
ngagunakeun kecap gaganti
|
8
|
2,6
|
Kalimah
panalék, kalimah negatif, kalimah opat kecap, ngucapkeunana geus meh sampurna
|
9
|
3,6
|
Ngucapkeun
konsonan geus sampurna
|
10
|
4,0
|
Ngagunakeun
kalimah basajan geus merenah, tapi masih kawatesanan
|
11
|
5,0
|
Konstruksi
morfologis jeung sintaksis geus Sampurna
|
12
|
10
|
Ngomongna
geus alus, lancer
|
(Sudaryat & Soléhudin, 2009 kaca 21)
Kamekaran
konstruksi morfologis jeung sintaksis anu
sampurna ilahana kacangking ku budak umur 5 taun.
Kamekaran fonologi budak ngawengku tilu hal, nyaéta
fonétik, fonémik, jeung fonotaktik. Dina tahapan keur mangsa kunyam-kunyem
(meraban) upamana éta téh mangrupa kagiatan (a) keur ngakurkeun sora anu
kadéngé tina sora anu datang, (b) ngucapkeun sora vocal minangka ngébréhkeun
resep, (c) bisa jadi néangan sora anu kontrastif.
Kamekaran Kabeungharan Kecap pikeun Budak bisa ditingali tina tabél ieu di handap.
No
|
Umur
(taun)
|
Kabeungharan
Kecap nu Dipibanda
|
1
|
1
|
Ukur sababara kecap
|
2
|
2
|
200 tepi ka 270 kecap
|
3
|
3
|
Kurang leuwih 900 kecap
|
4
|
4
|
Kurang leuwih 1520 kecap
|
5
|
5
|
Kurang leuwih 2060 kecap
|
6
|
6
|
Kurang leuwih 2550 kecap
|
Tahap diajar basa atawa
kamekaran basa budak ditingali tina kaédah basa ngawéngku komponén fonologi,
semantik, jeung sintaksis.Dina tahapan keur mangsa kunyam-kunyem
(meraban) upamana éta téh mangrupa kagiatan (a) keur ngakurkeun sora anu
kadéngé tina sora anu datang, (b) ngucapkeun sora vocal minangka ngébréhkeun
resep, (c) bisa jadi néangan sora anu kontrastif.
Dina performansi linguistik,
budak 0,3 taun sok katempo kunyam-kunyem (meraban)
maksudna nyaéta (1) ngakurkeun sora anu kadéngé tina sora anu datang, (2)
ngucapkeun sora vocal minangka ngébréhkeun resep, (3) bisa jadi néangan sora
anu kontrastif.
“Dédé mah alim mam
lauk!”Ditilik tina kamekaran performansi linguistik, kalimah diluhur biasa
diucapkeun ku budak umur 2,8 taun.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar